Wawangsalan

Wawangsalan merupakan salah satu bentuk sastra Sunda yang sejenis dengan teka-teki. Berasal dari kata wangsal yang artinya adalah pantun. Wangsal terdiri dari 2 bagian kalimat, yang pertama adalah pertanyaannya,  dan yang kedua adalah klue(klu) atau kata kunci dari jawabannya. 
Contoh:Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = Pisin 
Berikut contoh dari wawangsalan yang lainnya
1.Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing=Korma
2.Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing=pengis
3.Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing=umaing
4.Alun-alun paleuweungeun, gagal temen mun teu jadi=tegal
5.Anak munding masih nyusu, aduh eneng buah hati=eneng
6.Angeun somah pakampungan,kajeun bedo ti kamari=bodo
7.Areuy leuweung merang daun,  ulah sok japilus galih=pulus
8.Asalna hiji jadi dua, temah matak sesah ati=walimah
9.Awi ngora teh jaradi, temah matak jadi liwung=iwung
10.Aya nu dianjing cai, aya nu diheroyan=sero
11.Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi=kapal udara
12.Ayeuna ge sereh Tegal, engkang mah sok matak peurih=eurih
13.Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri=areng
14.Bale direka masjid, nya pikir bati rumanjug=tajug
15.Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak=bayawak
16.Bango hejo herang jangjang, piraku engkang ka abdi=merak
17.Bareto ge batur pirus, juraga geuning pelekik=akik
18.Bauk eungap hese damang, sae sumping bae wengi=mengi
19.Beas ditutuan deui, iraha atuh patepung=tipung
20.Bedil langit handaruan, engkap sapertos kalinglap=gelap
 
21.Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin=sekin
22.Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi=oray
23.Bendi banjang roda opat, ulah kalah ka carita=kareta
24.Bentang baranang di imah, samar bisa tepung deui=damar
25.Bedug wedalan eropa, abdi teu asa dipuji=tanji
26.Beusi bodas cincin kecrik, cumah bae dipicinta=timah
27.Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli-gulali
28.Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti=roti
29.Cacangkir bahanna beling, masing welas lahir batin=gelas
30.Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mohaka=toke
31.Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti=lasun
32.Cau gede ngan sasikat, taya teuing bagja diri=cau bagja
33.Cukur jangkung pamuraan, kapalay sinag jeung wengi=panglay
34.Cisusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing-mantega
35.Cucuk basa malayuna, duriat henteu laksana=duri
36.Dadampar di pagulingan, alim ka nu kirang surti=kasur
37.Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim=lem
38.Daun kasap kosok meja, tobat ulah nolas teuinh=hampelas
39.Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras ka nu teu aya=kararak
40.Desember tangtu ditema, geulisna lir bidadari=Januari
 
41.Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan=tewok
42.Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani=Cikuray
43.Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung=payung
44.Dukun tukang ngemat hewan, abdi mah ku alim teuing=malim
45.Ekek lembut pupuntiran, tingseredet kana ati=cecendet
46.Enggeus kapalupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik=bilik
47.Gamparan mah sangu atah, keur menak kawuwuh sugih=gigih
48.Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding=gumading
49.Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan=munara
50.Gedong ngambang di sagara, kapalang geus bela pati=kapal
51.Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit-rumah sakit
52.Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati=meri
53.Hayam tukung saba gunung, uyuhn teuing nya diri=puyuh
54.Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu=kutu
55.Laleur hideung payeureudan, akang ulah harung gampung=bangbung
56.Melak bangsal di kotakan, wayahna dek sabar diri=nebar
57.Mun jagan kadadar tipung, upami kagungan rabi=surabi
58.Nyiru gede wadah bangsal, anjeun mah sok sindir-sampir=tampir
59.Nya buah ngacung ka luhur, kuring mah sok panas ati=ganas
60.Nu nutu miceun huutna, mun awon moal ditampi=napi

61.paparem ngawuran ketan, mokaha atuh da wargi=ragi
62.Paribasa petis Cina, hayang epi ka cacapna=kecap
63.Peso panggot ninggang lontar, acan katuliskeun diri=nulis
64.Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir=badak
65.Pilunjuk dumeh rek wangsul, sanes abdi rek cilimit=pamit
66.Puter putir saba lembur, kuring seja bela pati=japati
67.Rasa seuneu mun kacabak, hate abdi panas peurih=panas
68.Ruas awi dirorekan, pikir asa selang-seling=suling
69.Santri miskin geus mareman, tangtu tiis pikir abdi=pakir
70.Sendok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung=gayung
71.Sanggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis=lele
72.Simpay rema beulit cinggir, ulah lali ka sim abdi=ali
73.Sireum mungguhing ceuk Jawa, sing emut ka diri abdi=semut
74.Srangenge bijil peuting, rek sabulan rek sataun=bulan
75.Suuk anu keur melentung, tadi oge abdi jangji=toge
76.Sumur deet ulah nyangka, belang bayah gindi pikir=balong
77.Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang=hayam
78.Teu puguh mnyet hideungna, asa teu puguh tungtungna=lutung
79.Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan=sasagon
80.Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut=simeut

Komentar