TATAKRAMA SUNDA AYA DINA QUR'AN ?

              Tatakrama asalna tina dua kecap “tata” jeung “Krama”, tata hartosna aturan, ugeran, krama tina kromos hartosna sopan-santun. Tatakrama Sunda mangrupikeun ugeran kasantunan boh dina paripolah atanapi dina basa dina kabudayaan urang sunda, anu pungsi atanapi kalungguhanana kanggo silih ajenan sareng papada mahluk utamina papada jalma.
             Rengkak paripolah urang sunda sadayana pinuh ku aturan, ana ditilik ditalungtik kalayan apik horeng eta teh geuning pituin natrat aya dina al qurana salaku ageman kaseuseueuran masarakat sunda nyatana Islam, kanggo langkung ngayakinkeun urang tengetan sababaraha conto di antawisna, hiji murangkalih pamali awon ka sepuh, sakedahna midamel kasaean, saupami sasauran kedah handap asor, disauran enggal malire atanapi enggal sumping, dinasehatan ulah sok mungpang kantenan ngangkrang, dicaram ulah bendu, dipiwarang ulah baha, dipasihan masing tumarima, dipenta masing suka, digeuing sing eling, cindekna pamali goreng ka sepuh, sawangsulna kedah midamel kahadean, mungguh indung tunggul rahayu, geuning bapa tangkal darajat, ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara, munjung mah tangtu ka indung, muja sakuduna ka nu jadi bapa. Gawe hade ka sepuh mangrupi parentah ti nu Maha kawasa:“wabilwaalidaini ihsaanaa” (QS.2: 83; 9: 23; 4:36; 2: 215, jst).
         Tatakrama atanapi kasantunan sakumaha anu parantos disebat di luhur mangrupikeun tarekah urang sunda dina raraga ngariksa tur ngamalkeun eusining al quran.
        Sajaba ka indung bapa tatakrama ka tatangga teu leupas tina paniten budaya sunda, sing akur jeung papada jalma, alus ka tatangga, ulah pahiri-hiri rejeki, pagirang-girang tampian, anggur sing alakur sauyunan, silih ajenan, silih tulungan tur silih elingan, eta sadaya padamelan, parentah al quran diantawisna dina surat annisa (4) ayat 36; surat al ahzab (33) ayat 60. Numutkeun surat annisa ayat 36, tatangga aya dua jinisna, tatangga caket sareng tatangga jauh, tafsiranana mungguh kaseuseueuran ulama anu dimaksad tatangga caket nyaeta anu aya hubungan karabat atanapi kaluarga, tatangga jauh sawangsulna tatangga anu sabudeureun urang tapi teu aya hubungan getih. Sajabi ti eta sapalihna ahli tafsir aya deui anu maparin sawangan rehna anu dimaksad tatangga caket nyaeta dulur saiman sementawis tatangga jauh jalma-jalma sabudeureun urang nanging benten agemanana. Leupas ti eta parantos janten ciri hususna di masarakat sunda umumna mah sakumna bangsa Indonesia aya istilah Rukun Tetangga/RT sareng Rukun Warga/RW, rupina ieu cara bangsa urang salasawiosna dina ngamalkeun ajaran al quran, rukun-akur sareng tatangga boh nu caketna boh anu tebihna.
        Pon kitu deui dina basa anu kapungkur istilahna undak-usuk, ti taun 1988 dugi ka kiwari ganti istilah jadi tatakrama basa, kawengku ku aturan. Dina hirup kumbuh sadidinten tatakrama basa sakedahna digunakeun ku sadaya jalma anu ngaku dirina urang sunda, ku sasauran anu luyu tur merenah, didinya bakal karaos ayana silih ajenan. Paribasa basa mah teu meuli, teu kedah digaleuh tapi didinya aya harga diri anu kalintang awisna saupami diical-galeuhkeun. Sumanggem sae ka batur, hartosna ngahormat diri sorangan, nanging dina palebah dieu teu aya sawangsulna, ngahormat diri sorangan teu sakaligus ngahormat ka nu lian, bilih jadi ngeupeul ngahuapan maneh  atanapi goong nabeuh maneh antukna janten adigung asa aing uyah kidul. Kumargi kitu peryogi dikajina bag-bagan tatakrama basa.
        Tatakrama basa sunda mangrupikeun ragam basa anu dina prak-prakanana disaluyukeun sareng kaayaan panyatur kahiji, panyatur kadua sareng panyatur katilu, rincian tatakrama basa kabagi kana dua bagian, basa hormat sareng basa loma. Basa hormat lebetna basa lemes/halus, aya lemes kanggo diri pribadi; aya lemes kanggo nu sanes, contona, Pun biang nuju tuang; Pun Bapa nuju kulem; Pun Aki nuju angkat (hormat-lemes ka nu lian); abdi nuju neda; abdi nuju mondok; abdi nuju mios (hormat-lemes ka diri pribadi). Basa loma lebetna basa sedeng sareng basa kasar. Basa sedeng dianggona nalika urang sasauran sareng jalma anu parantos wanoh sareng akrab, contona, kuring mah rek balik ; kuring indit; maneh mah dahar wae; sareng sajabina. Basa kasar dilarapkeunana utamina ka sabangsaning sasatoan, contona, ngalebok; nyatu; molor sareng anu sanesna, sajabi ti kitu basa kasar oge digunakeun pikeun jalma anu nuju wera, ngahinakeun, pasea sareng ngagogoreng nu lian, malah basa kasar mah tiasa oge disebat basa teu hormat.
        Kasantunan dina basa atanapi dina sasauran digaris ditulis dina al quran surat al bakoroh ayat 83, “waquuluu linnaasi husna” sareng ngarucap aranjeun ka papada manusa ku basa anu alus. Pikeun urang sunda eta tanda (ayat) dilaksanakeun dipraktekeun ngaliwatan tatakrama basa.

Komentar